Selamat Datang......

Kami ucapkan trimakasih kepada sahabat-sahabat yang teleh sudi mampir di blog ini...

Selasa, 04 Mei 2010

Carita Pondok

Si Epoy
Ku Dede Supendi *

Geus rek nincak taun kalima kuring diperenahkeun ngajar di dieu. Ti mimiti diangkat jadi guru bantu daerah terpencil (GBDT) nepi ka ayeuna ges jadi PNS. Di sakola pasisian nu jauh tina harenghengna karamean dayeuh. Murid-muridna aya keneh nu sakolana nurutkeun usum nyawah, dimana merekeun maneh na mangsa ngarambet jeung ngaderepkeun. Aya oge anu mugen sakola alatan kudu ngasuh adi atawa pedah budakna nu ngedul.
Wangunanana ngawengku tujuh rohangan, genep kelas jeung hiji kantor. Sedengkeun muridna aya tilu ratusan. Atuh mani pajejel-jejel, tina sabangku teh teu jarang nu tiluan. Padahal idealna mah sakola kuring teh ngabogaan 10 rohangan kelas. Al hamdulillah... Taun ayeuna sakola meunang bantuan Dana Alokasi Khusus (DAK) widang pendidikan taun 2009 ti pamarentah, jang ngadeugkeun ruang kelas anyar dua rohanganeun.
Najan geus kaasup lila, tapi kakara taun ayeuna kapeto jadi guru kelas. Enya ge geus rada boga luang dina ngajar, angger we ari dagdigdug mah teu beunang disieuhkeun. Sabab kana tangtu bakal adu hareupan jeung nu ngarana rapot. Sarta wanci ahir taun pelajaran kudu nyieun kaputusan naek heunteuna hiji budak.
Kuring kapapancenan nyekel kelas tilu. Kelas panengah keur ukuran SD mah. Pangukurna nyaeta sok diayakeun Tes Kompetensi Dasar (TKD) anu ngawengku maca, nulis, jeung ngitung. Barudakna geus harideng sawareh. Tapi karereana mah can dalenger jeung matak geregeteun. Kumaha teu rek kitu sabab lamun diajak ngomong lemes teh kalah ngahuleng. Hah deui-hah deui, bisi manehna salah denge meureun. Ngan saenggeus sidik kana dedengean, manehna kalah katembong bingung. Teu ngarti.
Barang dicaritakeun ka pamajikan, kalah pipirakuan. Weleh teu percayaeun. Dina hiji kasempetan basa pamajikan tepung jeung murid kuring, manehna ngabuktikeun omongan kuring.
”Tadi enjing, angkat ti bumi tabuh sabaraha?” manehna nalek. Paneuteupna teu leupas ti beungeut budak nu harita keur didangdanan di imah, memeh diilukeun kana hiji pasanggiri basa jeng sastra sunda tingkat kabupaten Purwakarta. Kabeneran sakola kuring minangka wawakil ti kecamatan Pondoksalam widang maca warta jeng ngadongeng. Budak tea ngahuleng ngaraga meneng. Ras inget kana omongan salaki yen kudu ku basa kasar.
”Tadi isuk, ti imah jam sabaraha?” manehna malikan deui patalekan nu tadi, ngan leuwih sugal.
”Jam tujuh.” Tembal si budak pondok. Kakara ngartieun ayeuna mah. Enya we teu nyalahan geuning, gerentes hatena.
***
Asup sakola karak sabulan. Tapi runtuyan ngaran budak nu teu sakola meh sapuluh urang. Diantarana aya nu geus saminggu teu asup. Si Epoy ngarana. Ngaran aslina mah Abidin, ngan teuing naon sababna make dilandih kitu.
Nurutkeun katerangan ti guru-guru nu leuwih tiheula ngajar di ieu sakola, kalakuan budak teh geus lain kakara. Tinggaleun kelasna ge geus dua taun. Malah lanceukna mah teu tamat, teu kungsi bisaeun maca-maca acan. Ceuk sawareh mah, eta teh geus turunan. Enya turunan wangkelang.
Kuring meureut uteuk. Kumaha carana sangkan budak teh daekeun robah. Piraku taun ieu kudu ngendog deui mah. Keheulaanan. Hal ieu nu jadi tangtangan nu kudu disanghareupan pangheulana. Malah harita aya salah saurang guru anu nyarita kieu: ”Pa Aceng, kakara bisa disebut hasil ngajar kelas tilu lamun si Epoy nepi ka naek bari bisa maca, nulis jeung ngitung.” Caritaan eta nu jadi udagan kuring pangheulana.
Unggal memeh sare jeung hudang sare nu aya na sirah teh ngan si Epoy. Budak lalaki lestreng nu tara tinggaleun ti dasi. Panonna rada sipit jeung teu weleh cileuhan. Irungna rada badag jeung tara suwung ti nu ngaranna leho. Matak jarijipen puguh. Tapi dalah dikumaha. Kuring teu bisa ngejat tina kaayaan. Manehna teh murid kuring, anak kuring di sakola.
Lamun disarungkaki sok panjang sabeulah. Baju seragemna ngaleleke sabab euweuh kancingan lebah dadana. Aya satotol tapak getah lebah peupeuteuyan baju bodas, kawas bandar cau wae. Kesangna semu hangru, sigana mah tara mandi heula memeh ka sakola teh.
Bukuna tingkilinting juruna meh unggal lambar. Saban buku lamun dibuka, na jilid hareup aya gutratan ’EPOY’ matak ngeleketek kana cangkeng.
Geus sababaraha urang diajak sawala ngeunaan manehna. Ti mimiti babaturan sasama guru tepi ka tatangga. Karuhan ari pamajikan mah, apan manehna nu pangheulana apal kana kasusah kuring.
Ku hantem dipikiran, antukna kuring meunang kacindekan. Dina ’ngalelempeng’ si Epoy, kuring kudu ngalibetkeun kolot-kolotna. Carana ku kuring kudu ditepungan ka imahna. Enya bener, kudu ka imahna.
Isuk-isuk kuring geus cunduk ka sakola. Geus diniatan ti imah keneh, rek nepungan kolot si Epoy tea. Samemeh asup oge kuring geus ninggalkeun sakola. Ari barudak dipihapekeun ka guru sejen nu kaparengan geus nyampak.
Nurutkeun runtuyan katerangan alamat murid mah, imahna teh perenahna di Cisaray. Kurang leuwih sakilo satengah lalampahan nu kudu disorang. Beda lembur jeung perenahna sakola, ngan ngawates.
Jalan nu disorang, mimitina mah genaheun. Kawantu anyar meunang ngaspal. Ngan sanggeus ngaliwatan wates desa, kacida robahna. Nu ayeuna mah, jaba ti garinjul teh oge sajajalan teu weleh manggihan batu anom, alias tai munding. Sabab ngan karak dibatu wungkul. Kenca katuhueun jalan istuning mayakpak kotakan paculeun. Najan usum halodo oge, taneuh kotakan teh teu angar jeung telaan. Sabalikna ledok. Caina ngaremplang. Luhureunana rentul ku nu keur ngararurek. Nyaeta ngala belut make useup, ngan talina pondok ngan semet tuur. Sarta teu make jeujeur.
Anggeus ngaliwatan pasawahan, kakara kuring asup ka pilemburan. Kacida kuring hookeun. Asa nyorang mangsa budak baheula, gerentes hate. Kumaha teu rek kitu, sabab imah teh kabeh panggung. Euweuh hiji ge nu gedong. Jeung seragem. Ayeuna mah nu sering kapanggih di jalan teh, lain batu anom. Tapi tai entog nu salawasna nyebrot kawas nu murus nyeri beuteung ngising.
Ti kajauhan katingali aya nu keur ngariung di tepas salah sahiji imah. Ku kuring disampeurkeun. Sihoreng kabeh ibu-ibu geuning. Papakeana kabeh baruni. Ditiung, disamping jeung bajuna sapotongan, kabaya. Reg motor dieureunkeun lebah dinya, bari mamandapan kuring tumanya ka nu araya.
”Punten bade tumaros, dupi bumina Abidin nu palih mana?” cek kuring rada tarik.
”Abidin...? Saha nya...? Asa euweuh ngaran eta di dieu mah.” Tembal saurang ibu-ibu nu ciputna bangun weuteuh keneh.
Kuring rada kuciwa. Sangkaan geus dilimpudan ku rasa inggis. Sasab. Niat nu geus buleud teh make meotan sagala. Sieun teu kapanggih poe ieu. Meureun aprak-aprakan teh bakal leuwih lila nu balukarna baris leuwih lila deui kuring ninggalkeun kawajiban di kelas.
”Abidin... Ke...! Ke...!” cek nu gigireunana kerung. Harepan nu meh sirna teh sirungan deui.
”Si Epoy anak mang Sarkawi tea lain?” cekna deui semu nyelengkeung, neuteup seukeut. Kuring tangka ngarenjag.
”Eu....h muhun... ” tembal kuring semu atoh. Ayeuna mah harepan teh lain ukur sirungan tapi areuyan.
“Euh... Atuh eta mah apal. Tuh nu itu anu buruan na aya tanggkal jengkol!” cek nu tadi nyelengkeung, nyambung.
Teuteup kuring nuturkeun curuk si ibu nu nuduhkeun hiji imah nu diburuanana aya tangkal jengkol. Jengkol teh leubeut kacida keur meujeuhna meuhpeuy. Kuring gura-giru muru ka lebah dinya. Kasampak aya hiji nini-nini keur ngawangkong jeung budak ngora nu ngajega hareupeunana. Tuluy uluk salam.
”Sampurasun... !” cek kuring ka nu araya.
”Rampes...,” tembal si nini jeung budak ngora tea meh bareng. Budak ngora nu harita keur nonggongan kuring ngalieuk sakedapan, tuluy malikeun awak jadi nyanghareup bari mencrong ka kuring. Maranehna silih pelong.
”Punten, dupi aden saha? Ti mana? Sareng bade ka saha?” tanya si nini mani merelek.
”Hiji-hiji atuh, ni!” tempas budak ngora tea.
”Eh, enya punten atuh, Den!” si nini sanduk-sanduk.
”Abdi pun Aceng, guru kelas Abidin. Bade nepangan sepuhna. Leres nu ieu bumina?” kuring ngawanohkeun sorangan bari ditungtungan ku nanya deui ka si nini.
”Leres pisan, Den. Enya nu ieu.” Cek si budak ngora rikat.
”Ngan saruwung ieu teh. Si Sarkawi ka sawah, indungna Epoy keur ka pancuran.” Cek si nini ngajentrekeun.
”Ke urang susulan!” budak ngora tea hideng teu kudu dititah, ngaleos ka wetankeun. Kari kuring jeung si nini nu aya di dinya teh.
Teu kungsi sapanyeupahan, aya nu nyampeurkeun. Hiji awewe tengah tuwu pantaran ibi kuring, manehna ngelek boboko dieusi piring jeung gelas, leungeunna nu sabeulah deui ngajingjing ember seusehan.
Manehna ngabageakeun tuluy ngahiap-hiap ngajak ka jero, bari nyodoran cai jeung lalawuhna.
”Nepangkeun! Abdi pun Aceng... ” kuring munjungan. Manehna nampanan leungeun kuring.
”Aya naon gening kersa rurumpaheun kadieu?” Tembal indung si Epoy.
”Ah silaturahim weh...” ceuk kuring bari gek diuk.
”Kieu...! abdi asa kaicalan murangkalih, tos bade saminggon teu lebet sakola. Kadieu teh bade mapay raratan, boh bilih teu damang?” Kuring muka wangkongan.
”Baruk...? Da ti bumi mah angkat!” Indung Si Epoy ngarenjag bari mencrong ka kuring bangun nu reuwaseun.
”Numawi di sakolah mah teu aya, sangkian teh teu damang.” ceuk kuring bari males paneuteupna.
”Kamana atuh nya...?” Ceuk manehna deui bangun nu bingung.
”Moal kitu ngurek mah?” Ceuk manehna deui. Tuluy nyalenggorkeu caritaan ka nu sejen. Atuh kuring mairan.
Sanggeus rada lila ngawankong ngaler ngidul ngenaan si Epoy, ahirna menang kacindekan. Indungna rek leuwih merhatikeun anakna ngarah ulah sakali-kali deui ningalkeun sakola, bari jeung ti imah mah mangkat. Geus paheut kitu mah kuring pamitan. Nilik kana paroman indungna mah, bangun daria naker.
Teu nyalahan, isukna si Epoy aya di sakola. malahan ceuk baturna datang na oge pangheulana. Muga-muga sing salawasna kitu teh...***
Pondoksalam-Pwk, 6 September 2009
(Haturan guru-guru di SDN 2 Sukajadi
Kec.Pondoksalam-Pwk)

sajak

Ajen diri
Yasanan: Dede Supendi

Ngagurat dina dada
Matri dina diri
Ngajirim dina raga
Ngaraga dina jiwa
Ngajiwa dina ucap
Tekad jeung laku-lampah
Mustika pangagungna
Nu taya tandingana
Silih asah
Silih asih
Silih asuh
Hirup tengtrem ayem
Gemah ripah loh jinawi
Suci diri beresih hate
Jatining hirup ajen diri
Kawengku niat nu rido
Dipageran ku kaihlasan
Sawarga tujuan sajati

Saung pangumbaraan Pasawahan-Pwk, 14 Februari 2010