Selamat Datang......

Kami ucapkan trimakasih kepada sahabat-sahabat yang teleh sudi mampir di blog ini...

Senin, 14 Juni 2010

Sajak "Hirup jeung manehna"

Yasana: Dede Supendi

Rumasa jeung manehna
Kuring ngawangun hiji kahirupan
Nu raweuy ku bagja jeung sedih
Nu matak kuring moal sulaya

Hiji mangsa cita-cita ngarumah tangga
Nu kebek ku kabagjaan lain saukur ngimpi
Tapi jadi kanyataan
Nu marengan puput umur

Lain hirup ngarana lamun euweuh parobahan
Numatak kudu ngabogaan niat
Di barengan ku ihtiar jeung doa anu husu
Mudah-mudahan pangeran ngaijabah

Waas nalika munggaran laki-rabi
Diajar ngadegkeun wangunan
Ngahijikeun dua manusa
Nu pada boga watek sewang-sewangan

Saung pangumbaraan Pasawahan-Pwk, 24 Januari 2010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar