Selamat Datang......

Kami ucapkan trimakasih kepada sahabat-sahabat yang teleh sudi mampir di blog ini...

Minggu, 13 Juni 2010

Carita Pondok "Gas"

Di jaman ayeuna, sagalana seuseut seuat. Teu kalis werit, teu nyampak katingtriman. Kabehan, taya nu tibra sare atawa ngeunah barangdahar. Estuning teu weleh rieut mikiran jang eusi beuteung. Duit sulit, pagawean susah. Beubeulieun nanjak sedengkeun PHK dima-mana. Euweuh anu murah sumawona gratis.

Tapi aya keneh anu teu weleh dilelebar. Sarerea oge hayang miceun. Euweuh nu ngarasa nyaah kaleungitan jeung genah ku kaunggahanana. Manehna sarupaning gas. Ngan hanjakalna teu bisa dipake ngahurungkeun kompor, padahal bauna mah sarua wae.

Kuring boga carita pikalucueun ihwal manehna, kieu geura:

Imah kontrakan teh nyanghareup ngidul, ukur kahalangan saimah ti jalan jajahan. Wates buruan hareup jeung pipir imah tatangga, ngan kapisahkeun ku jalan leutik anu legana kira-kira satengah meter. Taneuh buruan jeung imah leuwih luhur batan jalan, atuh lamun arek ka imah teh kudu nete kana tetecean.

Pabuburit, babaturan dalit salaki ti baheula datang. Manehna teuing ngahaja nyimpang atawa diangkir ku bapana budak. Ti barang asup, tamu teh cakah-cikih kana komputer, sakur program anu eror dibenerkeun jeung antivirus di-kopi-keun. Kuring teu salempang, sabab geus nyaho yen manehna ahli pisan.

Tina sela-sela ngoprek komputer, manehna ngasongkeun kiripik 2 bungkus. Nu hiji lantak atawa kiripik cau jeung nu hiji deui mah baruleud, sampeu sigana mah. Ku kuring ditampik, sabab nu kitu mah loba.

Nempo kitu, budak kuring hayangeun. Manehna ceurik balilihan bari tutunjuk kana keresek. Ku kuring dibebenjokeun, diasongan kiripik na keler. ceurikna kalah narikan. Tuluy diais sarta dibawa indit ti tepas.

Kuring Hayang hitut, tatadi ditahan sabab bisi bau ka semah. Rikat kuring kaluar ti imah, nu dituju taya lian iwal ti buruan. Pangrasa euweuh jelema ngaliwat.

Sedut hitut dibijilkeun, mani panjang tur lila. Sorana tarik jeung bauna nyambuang kamana-mana. Anu di empat-empit tatadi teh, dibudalkeun kabeh. Asa ngemplong. Beuteung anu meh seueul balas nahan hitut, karasa longsong.

Teu disangka-sangka, aya anu ngaliwat. Katangen soteh basa kuring malik. Manehna make longdres hideung, geus aya tukangeun. Sigana mah ngambeueun jeung ngadengeeun. Ngan henteu we nyeungseurikeun jeung nungkupan irung.

Kuring era parada, tuluy ngabalieur nyamunikeun beunget anu euceuy. Api-api nanya basa-basi. Manehna ngajawab bari seuri, leumpang ngajauhan.

Barang dicaritakeun ka salaki, duaan seuri akey-akeyan. Nyaritakeuna oge bari haharewosan. Inggis kadengeeun ku semah.

Ngan nu karunya mah Teh Ai-nyaeta nu tadi liwat. Manehna baueun. Mangkaning mani geulis jeung rapih. Sigana arek ngadon nangkring di gonggo sisi jalan. Ari ku kuring kalah dihitutan. Ah teu dihaja ieuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar